
Uing Baderhood
Wilujeung ngariung balakecrakan sareng Bikers Sukabumi usia kolot ku elmu lain kolot ku maneh BADERHOOD SUKABUMI RAYA.
​
Naon makna BADERHOOD?
Geus kolot, rada bedegong, luhung elmu kahirupan, masih hobi momotoran, resep daun ngora (lalab), beki ngejo, santun, kompak jeung lucu.
​
Teu pusing ku urusan remeh, komo nguruskeun politik murahan mah, jeung teu julid ka batur. Nu penting bisa manjangkeun babarayaan, manjangkeun silaturahmi, bisa nganbantu ka sasama, Insya Allah berkah dunia jeung akherat.
​
Teu penting logo na siga kumaha, syukur menang nu alus, bebas baju na rek warna naon oge, nu penting bungah.
​
Motor teu kudu sarua, nu penting aya knalpotan, bisa maju, bisa ditaekan, surat na lengkap bisi disangka motor bodong.
​
HIRUP KUDU BOGA ARTI. MANFAAT JANG SASAMA.
Tah eta Badeurhood Sukabumi teh!
​
Catet!
Di Group ieu, kudu:
-
Sopan dan saling respect
-
Rek jualan, mangga, asal tong jualan nu dilarang ku hukum jeung agama.
-
NO SARA! NKRI HARGA MATI!
-
Ngimpo anu manfaat urursan momotoran
-
Tong ngabacot politik dina wag jeung efbe Badeurhood Sukabumi, di luar mah mangga teh teuing dan eta mah hak konstitusi warga nagara Indonesia nu di jaga ku undang undang.
​​




